Translate Language


English French German Spain Italian Dutch

Russian Portuguese Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

"NYUKCRUK GALUR TILULUHUR PIKEUN ANAK INCU BALAREA...!"

SAUNG nyaeta hartina tempat panyalu'uhan atawa tempat ni'iskeun pikir ngabrangbrangkeun hate tempat ngiuhan dimana urang kapanasan tur kahujanan. Saung tempat ngawangkong jeung ngariung bari ngabayangkeun kaendahan dada melana Pangeran, disusul sujud sukur ka AnjeunNa nu parantos maparin kanikmatan hirup, kasehatan sumawonna rizki bari jeung nafakuran kahirupan urang.

Saung teu digambarkeun salawasna tempat dahar/cafe, saung tempat nyurahkeun isi hatena masing - masing.
MEDAL hartina ngalampah atawa ngaluarkeun. Lampahkeun tekadna, ucapna dina jalan kahadean bari ngalampahkeun silaturahmi antara urang jeung urangna jeung ngalampahkeun parentah mantenna tur nyontoan sifat, ucap, lampah RasulNa tong dipopohokeun titinggalan karuhun urang anu diamanatkeun ka urang sakabeh.

Lambang makam hartina nyaeta urang sakabeh anu ngarasakeun hirup di alam dunia teu cacah teu menak, teu gagah teu sakti, teu kiai teu priyayi, teu iman teu takwa, tur teu kolot teu budak sakabehna bakal balik ka pangbalikan urang asal muasalna, asal ti eweuh ka eweuh deui, maot pingaranneunnana dikubur we tungtungna.

SAUNG MEDAL teu ninggalkeun seni budaya karuhun urang khususna dina segi pasilatan. SAUNG MEDAL ngamaguron kapasilatan anu wastana GAGAK LUMAYUNG kaleresan sim kuring muka paguron P3S GAGAK LUMAYUNG ( Persatuan Penggemar Pencak Silat ) Alhamdulillah SAUNG MEDAL ti taun 1987 dugi ka dengdet ayeuna parantos medalkeun para nonoman sareng inohong.

Pasti emut upami muka SAUNG MEDAL yen urang teh geus pernah ngumpul jeung SAUNG MEDAL anu dikasepuhan ku ABAH AYI. Hayu urang babarengan manjangkeun silaturahmi atanapi manjangkeun babarayaan jeung SAUNG MEDAL.

Punten pisan bilih aya kasebit nami kasebat asma sim kuring teu pisan-pisan nyanyahoanan dina tulisan atawa dina ucapan. Yu... ahh..geura PRUNG...!!!!!
SAMPURASUN.....WASSALAM....

Flickr Images